Karanganana nyebar dina rupa-rupa media, boh basa Sunda boh basa Indonesia. Bukuna anu geus terbit aya 57 judul. Aya anu winangun fiksi, biografi, pangajaran, katut pedaran paelmuan lianna. Dileler Hadiah Sastra Rancage (1993 jeung 2002), Hadiah Sastra Samsudi (1992), Hadiah Sastra DK Ardiwinata (19994, 1998, jeung 1999). Dina widang kawartawana, kungsi dileler Hadiah Jurnalistik Adinegoro (1984) pikeun karya foto. Dina widang organisasi, digedekeun di Pelajar Islam Indonesia. Sajaba ti jadi anggota PWI, Tatang jadi anggota paguron penca Manderaga, anggota Paguyuban Pasundan, kungsi jadi pengurus Persatuan Pencak Silat Indonesia (PSSI), Dewan Pendidikan Jawa Barat, Pengurus Gedong YPK, jeung Pengurus Olahraga Bekuda Seluruh Indonesia (Pordasi) Jawa Barat.
[Pustaka Jaya, Dunia Pustaka Jaya, Tatang Sumarsono]
Tatang Sumarsono lahir jeung gede di Tasikmalaya. Saterusna mah matuh di Bandung.
Karanganana mimiti dimuat jaman keur sakola di SMAN 2 Tasikmalaya, taun 1974. Sataun ti harita, Tatang jadi wartawan Mandala Edisi Priangan. Tug tepi ka ayeuna, masih keneh ancrub dina kagiatan jurnalistik.
Tatang ayeuna jadi pamingpin redaksi majalah Mangle. Lian ti eta, jadi Staf Khusus Bidang Budaya Rektor Unpas deuih, tur dibere pancen jadi dosen mata kuliah Ilmu Budaya Sunda di Fakultas Hukum jeung di Fakultas Ilmu Sosial dan Politik Unpas.
Karanngnana nyebar dina rupa-rupa media, boh basa Sunda boh basa Indonesia. Bukuna anu geus terbit aya 57 judul. Aya anu winangun fiksi, biografi, pangajaran, katut pedaran paelmuan lianna.
Dileler Hadiah Sastra Rancage (1993 jeung 2002), Hadiah Sastra Samsudi (1992), Hadiah Sastra DK Ardiwinata (19994, 1998, jeung 1999).
Dina widang kawartawana, kungsi dileler Hadiah Jurnalistik Adinegoro (1984) pikeun karya foto.
Dina widang organisasi, digedekeun di Pelajar Islam Indonesia. Sajaba ti jadi anggota PWI, Tatang jadi anggota paguron penca Manderaga, anggota Paguyuban Pasundan, kungsi jadi pengurus Persatuan Pencak Silat Indonesia (PSSI), Dewan Pendidikan Jawa Barat, Pengurus Gedong YPK, jeung Pengurus Olahraga Bekuda Seluruh Indonesia (Pordasi) Jawa Barat.